CIPEUCANG
Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana
di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu
ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot
baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe
anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul
nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning
sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan
mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai. Tah
kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato
nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta
tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung
masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng
koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di
lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus
Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.
SILUMAN
Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon
didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat
kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba
begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat
garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka
garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok
nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya
kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu
nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan. Kusabab kitu jalma
nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten
Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi ngaran Desa nyaeta
Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh begal
eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi
ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat
teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.
KUYA NGAGANDONG IMAHNA
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di
sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe
Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad
imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih
kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak
Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya
diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet
ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!” “Anu
matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina.
Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet
ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun.
Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana
tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka
jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun,
saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah
ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
HAYAM KONGKORONGOK SUBUH
Kacaritakeun jaman baheula aya oray
naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh
osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga
perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka
sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago
haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok
dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka
jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal
jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka
sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku
titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho
ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug
titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna.
Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha
kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang
titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi
kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka
nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung
titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
CAI LAUT ASIN
Kacatur jaman baheula aya dua jalma
adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema
benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung.
Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan.
Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki
Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan
aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun
diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka
Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang
ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki
teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero
lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. 
Gancangna carita Ki Jani geus benghar,
tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana ngadenge
adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta.
Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana
carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa
dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu
ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti
harita cai laut jadi asin.
GAGAK JADI HIDEUNG
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat
aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna
dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea,
tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna
sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas
ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu
baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling
lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray
ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh
bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus
bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun,
da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh
nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna
oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna
hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
.png)
 By 
04:10

0 comments